Akang ..
Teu karaos nya, tos bade satengah warsih urang sasarengan. Mapay jalan satapak, ngalakonan carita nu pinuh rasa kaasih tina hate sanubari anu wening.
Akang, anu dipikameumeut..
Sing sanaos urang paanggang, nu sakapeung mah karaos pisan ku tebihna teh, arang tepang.. Nu ngajantenken rasa kasono ka salira ngagedur, teu tiasa dipapalèrkeun. Tapi da urang tos paheut jangji, dimana waè ayana moal kantos mopohokeun. Teu welèh deukeut, ceuk raraosan mah. Sumuhun, perkawis kanyaah sareng perhatosan ti salira mah, Nyai oge moal badè cangcaya. Yaktos pisan, akang. Salira moal bade jalir jangji. Naha atuh, naon nya? Anu sok janten bahan emutan na diri?
Akang..
Hapunten sateuacanna. Rumaos, kamelang Nyai ka salira ageung pisan. Sakapeung mah sok teu pupuguh hayang ceurik atanapi hayang lumpat, muru kanu dipikatineung. Teu welèh naros ka diri, duuh.. iraha urang bakal ngahiji pikeun mapag poè anu pinuh ku kabagjaan, nu dipayungan ku kaasih sareng rido ti manten-Na? Duuh, .. hapunten, Akang! Hapunten, pisan! Teu aya maksad bade aral subaha kana papastèn-Na. Sanes, kang. Panginten èta mah mung saukur kamelang nu datangnya sajorèlat.
Ayeuna parantos tabuh sapuluh langkung sapuluh menit. Euuhh.. Nuju naon salira ayeuna? Panginten tos tibra nya, bari ngeukeupan guguling. Disimbutan ku kaasih urang duaan, dicaangan ku hatè anu wening, baris nohonan jangji urang silih asah, silih asih sareng silih asuh.
Wengi beuki simpe, di luar hujan miripis. Sorana tingkareclak dina suhunan. Lir sapertos sora haté Nyai anu keur guligah. Dipinuhan ku rasa kasono jeung kamelang.
Akang..
Mugia wengi ieu, salira tiasa kulem kalayan aya dina panangtayungan Alloh Swt. Tiasa ditepangkeun sareng Nyai dina impènan, èta nu dipiharep. Samentawis, mung èta nu janten ubar pikeun mapag peuting nu sok karasa asa manjangan.
Akang, ..
Ulah lali kanu lima waktu, kitu deui nu sanesna, ulah kakantun. Sing soson-soson mancèn damelna, mugia janten ibadah sareng pinuh ku barokah-Na. Amin ya robbal alamin..
Akang, ..
Sing sanaos sono kènèh, tapi tos wengi pisan. Sareng ieu panon oge tos ririakan, cirining tos dongkap tunduhna. Sakieu heula waè, tilam sono ti Nyai.
@pangkèng41_bkpayTsm
No comments:
Post a Comment