Kamari mah, bet asa teu genah cicing. Ratug tutunggulan, rarasaan mah langit ngadadak jadi angkeub. Hayang ngajerit, tapi teu nyora. Hayang lumpat, ieu suku bet asa dibeungbeuratan, hèse dibawa ngalèngkahna. Ukur cipanon nu reumbay dina kongkolak panon, maseuhan pipi.
Duh, Gusti! Ceuk gerentes hatè. Naha bet kudu ngalaman nasib siga kieu? Naha naon atuh dosa kuring ka manèhna? Bet taya ras-rasan nyieun waè kapeurih. Sakitu apan manèhna nu tiheula mèrè kanyèri teh. Duh.. Gusti! Ieu hatè teu wèlèh dibawa sabar. Sanajan sakapeung mah sok hayang ngagantawang kana kalakuanna nu geus teu bisa katarima ku hatè kuring. Geus kaliwat ambekna atuda.
Ieu sirah mani asa lenglengan. Muih siga aya nu muterkeun. Ck.. Ck.. Ck.. !! Pisakumahaeun keuheulna hatè kuring harita, teu bisa digambarkeun. Malah ieu pipi beuki rambisak ku cipanon. Nahan ambek nu teu kungsi kedal.
***
Tilu tahun katukang.
"Hampura akang, Nyai. Akang jalir tina jangji. Ayeuna akang aya di hiji tempat, nu moal kaudag ku lengkah Nyai.." kitu pokna harita dina surat.
"Hampura akang, geulis. Akang moal balik deui, sing sanajan Nyai ngeukeuhan baris narima kaayaan akang ayeuna. Akang teu kuat! Diri akang lamokot ku dosa. Asa jauh dina panyawangan akang pikeun miharep deui salira anu geus satia jeung miboga hatè nu wening bersih. Taya codèkana. Ti kawit ayeuna, akang miharep ulah rek nungguan akang. Ku akang didu'akeun mugi Nyai sing meunang nu leuwih. Kanyaah jeung kamelangna. Hampura akang, hampura.. Nyai!"
Kuring ngan ukur bisa nyawang manèhna dina kongkolak panon. Kiwari ngan ukur impian bisa ngahiji balayar ka sagara asih jeung manèhna. Tètèla, naon nu kamari dipikamelang tèh ayeuna kabuktian pisan. Duh, Gusti! Kuring sumerah kana takdir nu tumiba ka diri. Mugi sing dipasihan kakiatan pikeun nandanganana.
***
"Ayeuna mah geus lain mangsana deui pikeun urang ngahiji, kang," walon kuring ka manèhna.
"Tingali! panonpoe tos surup. Geus manjing ka peuting."
"Tilu tahun ka tukang, Nyai teu weleh nganti akang. Sugan jeung sugan bakal mulang deui mawa tungkusan hate nu kamari ku urang dieusian. Tapi kalangkangna ge teu nembongan." kuring ngarènghap, bari neger-negerkeun hatè.
"Ayeuna mah urang duduluran wae, akang. Sok komo deui apan akangna oge ayeuna mah geus aya nu nyarengan. Ulah badè diteraskeun deui naon nu janten kahoyong akang tadi. Sing hawatos kanu janten bojo akang." kitu pok kuring ka manèhna.
Karèrèt ku juru panon yèn manehna neundeun katugenah. Ceuk pikirna mah, niatna tèh rèk nebus kasalahanna ka diri kuring. Tapi piraku deui, rèk niat mikanyeri nu jadi indung budakna? Beu.. Dimana pipikiranna nya, ceuk gerentes hatè. Barina ogè, asa jauh tina implèngan kuring kudu ngalakonan hirup kawas kitu mah. Da puguh sarua ari hatè awèwè mah. Loba pisan rarasaanna.
***
Hiliwir angin ti wètan. Tiis jeung nyecep pisan karasana. Layung geus teu katembong deui, diganti ku bèntang nu tingkarelip siga nu ngiceupan.
Ya Alloh... !!
Mugia hiji diantarana bakal jadi bèntang mustika pikeun diri kuring mapag panonpoè isuk. Amin ..
No comments:
Post a Comment