Friday, October 8, 2010

Lawang Saketèng

Neuteup langit nu angkeub poe ieu, dibaturan ku hariring asih nu mawa geter rasa.
Mangsa katukang narèmbongan deui. Ngawangwang nu dipigandrung. Clak.., cimata marengan. Nu dipianti taya iberna. Duh, .. Jungjunan!

Seungit malati peuting tadi, ngajadi kembang nu mapaèsan poe. Pangharepan jeung lamunan urang mugia diijabah ku Nu Kawasa.
Amin..

Bray.. Bray, .. !
Panopoe geura caang.. Geura singlar angkeubna rasa nu moèkan hatè kuring.

No comments: